Khutbah Jumat Edisi 32 tentang Ikhlas (Bahasa Sunda)

Advertisement
Khutbah Jumat Edisi 32 tentang Ikhlas (Bahasa Sunda)

Dawuhan Alloh Subhanahu Wa Ta’ala dina surat Al-Bayyinah Ayat 5

وَمَا أُمِرُوا إِلَّا لِيَعْبُدُوا اللَّهَ مُخْلِصِينَ لَهُ الدِّينَ 

“Padahal maranehna teu diparentah, salian ti supaya aribadah ka AlIoh. kalawan ngaikhlaskeun agama karana Mantena..... “

Tegas Alloh Ta’ala marentahkeun ka makhluq-Na supaya dina ibadah ka mantena teh kudu dibarengan ku kaikhlashan. Ikhlash memang gampang keur diucapkeun, da pira ge ukur sababaraha huruf, tapi dina prak-prakan na mah teu sagampang ngucapkeun nana. Kadang-kadang masih loba umat Islam sorangan anu teu faham naon anu disebut ikhlash teh. Aya anu narjamahkeun yen anu disebut ikhlash teh, milampah amal kahadean bari teu dibarengan ku pamrih, teu ngarep-ngarep buruh.

Ngahartikeun ikhlash, mangrupakeun pagawean anu dipilampah kalawan tanpa pamrih, memang teu salah teuing, tapi lamun hiji jalma migawe hiji pagawean tanpa pamrih, teu ngarep-ngarep buruhan tina hasil pagawean nana, tangtu dina ngalaksanakeun eta pagawean bakal ngolembar, kurang na motivasi, teu boga dorongan pikeun migawe eta pagawean kalawan hade. Malahan aya kata-kata hikmah au pantes keur ditafakuran ku urang, nyaeta :”Sing saha migawe hiji pagawean tapi tanpa tujuan, mangka eta pagawean moal aya gunana. Sing saha anu ngarasa boga kasieun tapi teu boga sikep waspada dina hirupna, mangka rasa kasieun eta percumah”

Babasaan tina kalimah hikmah eta, bisa dihartikeun hiji jalma anu migawe hiji pagawean tapi teu boga tujuan, sarua jeung jalma anu pangangguran, pagaweannana tambuh laku teu aya manfaatna, atawa jalma anu sieun disiksa dina naraka tapi manehna teu waspada, teu ati-ati dina milampah dosa, tangtu eta rasa kasieun ku siksa naraka teh, ukur bohong wungkul.

Ku sabab eta, jalma anu ikhlash sabenerna jalma anu ibadah atawa milampah amal kahadean ku sabab ngarasa aya pamrih, ku sabab hayang meunang buruhan. Hartina ibadah jeung amal kahadeannana boga maksud jeung tujuan. Tah persoalannana, naon atuh pamrih, tujuan atawa buruhan anu dipiharep ku jalma anu ibadahna atawa amal kahadeanna anu dibarengan ku kaikhlashan teh ?

Hadirin Rohimakumulloh

Sacara bahasa, Ikhlas hartina bersih tina kotoran jeung ngajadikeun sagala ibadah jeung amal kahadeannana bersih tina kokotor. Sedengkeun sacara istilah, Ikhlas hartina satiap ibadah jeung amal kahadean dilaksanakeun niat miharep ridho Alloh wungkul tanpa dibarengan ku perbuatan musyrik atawa nyarekatkeun Mantena kana perkara naon bae oge.

Ku sabab eta, salaku muslim dina satiap jeung sakabeh amal ibadah jeung amal sosial di masyarakat, salilana diniatan jeung ditujukeun ngan ridho Alloh wungkul, hartina satiap tekad, ucap jeung lampah ngan ukur di fokuskeun, di arahkeun keur ngudag buruhan, ganjaran atawa pamrihna ngan ukur ti Alloh wungkul, lain keur ngudag pamuji batur, lain keur ngarep-ngarep kadudukan, ibadah jeung muamalahna lain keur neangan harta atawa ngudag jabatan.

Saperti zaman kiwari, sakitu lobana jalma anu ngaku muslim, tapi dina ibadah jeung amal na teh ukur ngarep-ngarep buruhan jeung pamuji ti sasama jalma, rea anu da’wah jeung ibadah karana hayang dipilih jadi wakil rakyat, dipilih jadi kepala desa atawa jabatan lainna saperti jadi RW atawa RT wungkul. Upama dadasar ibadah jeung amalna saperti kitu, pamustungan nana sok poho ditemah wadi, sok poho kana tugas jeung kawajiban, sabab lengkah awalna memang teu dibarengan ku kaikhlashan, paniatan awal na ukur hayang kadunyaan wungkul. Matak teu aneh loba pajabat boh di dewan atawa di birokrasi, malah di tingkat RT atawa RW, daek di gawe na teh lamun kaherong, kaciri piuntungeun dunya na heula, sakira na teu nguntungkeun mah, dianggap lain tugas jeung kawajibannana. Sok sanajan geus meunang gajih oge, tapi angger we kudu aya paleuleuwih ti nu lianna deui. Akibatna mahabuna korupsi, manipulasi jeung sajabana ti eta, awal na tina kurang na ikhlash dina sagala amal jeung ibadahna. Lebah dieu Alloh Subahanahu Wa Ta’ala dadawuh :

مَنْ كَانَ يُرِيدُ الْحَيَاةَ الدُّنْيَا وَزِينَتَهَا نُوَفِّ إِلَيْهِمْ أَعْمَالَهُمْ فِيهَا وَهُمْ فِيهَا لَا يُبْخَسُونَ
أُولَٰئِكَ الَّذِينَ لَيْسَ لَهُمْ فِي الْآخِرَةِ إِلَّا النَّارُ ۖ وَحَبِطَ مَا صَنَعُوا فِيهَا وَبَاطِلٌ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ 

“Sing saha anu mikahayang kahirupan dunya katut hiasannana, ku Kami baris dicumponan, saniskara anu ku maranehna di usahakeun di ieu dunya teh, sarta maranehna moal dirugikeun. Maranehna teh jalma-jalma anu di akheratna henteu meunang naon-naon salian ti naraka, jeung sagala amalna di dunya jadi gugur, sarta mubadir saniskara anu ku maranehna geus diamalkeun” (Q.S. Huud ayat 15 – 16)

Hadirin Rohimakumulloh

Mangrupakeun konsekwensi logis, upama satiap amal jeung ibadah ngarep-ngarep buruh, ganjaran jeung pamuji ti sasama makhluq, mangka nalika di yaumil akhir manehna teu bisa mawa bekel keur nyanghareupan kahirupan di akherat. Kahadean-kahadean anu dilampahkeun nana geus tumpur ludes, dibeakkeun di dunya wungkul, amal jeung ibadah geus dibayar kontan di dunya keneh. Saperti meunangna jabatan, fasilitas-fasilitas, pokona kabehannana buruhan amalna dibeakeun ku kahormatan-kahormatan anu semu, ukur di agung-agung di hareupeun nana wungkul, di angkat jadi pimpinan atawa ketua partey. Meunang piagam penghargaan, ngarasa agul meunang gelar pahlawan, malah teterejel mementa balas jasa ka nagara pedah baheula kolotna geus jadi pahlawan. Pajarkeun manehna geus berjuang demi bangsa jeung nagara, ngarasa aing pang pantesna meunang fasilitas ti nagara jeung pangakuan ti masyarakat.

Sakalina kaliwat teu disebut ngaran na di pasamoan atawa dina hiji acara, benduna teu anggeus ku saminggu, komo lamun teu di bere waktu keur acara sambutan, dirina ngarasa teu dihargaan, nepi ka ngamusuhan ka anu boga acara pedah ku perkara anu sepele saperti kitu. ka jalma model kitu Alloh Ta’ala ngawawadian dina surat al-Furqon 23 :

وَقَدِمْنَا إِلَىٰ مَا عَمِلُوا مِنْ عَمَلٍ فَجَعَلْنَاهُ هَبَاءً مَنْثُورًا

“Jeung Kami mariksa sakabeh amal anu dilampahkeun ku maranehna, tuluy Kami ngajadikeun amal-amalna jadi lebu anu mahabu”

Hadirin Rohimakumulloh

Dumasar hal eta, penting pikeun urang anu miharep kana kasalametan dunya jeung kabagjaan akherat, pikeun mersihkeun satiap amal jeung ibadah tina kokotor, tina noda jeung buruhan dunya wungkul. Ngalaksanakeun satiap pagawean boh anu sifat na sosial kamasyarakatan atawa keur kapentingan usaha, komo deui dina lebah ibadah mahdoh ka Alloh. Prak teangan buruhna, ganjaran nana, panggihan pamrihna ngan ukur ti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala wungkul :

قُلْ إِنَّ صَلَاتِي وَنُسُكِي وَمَحْيَايَ وَمَمَاتِي لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ 

“Pok tekadkeun :”saestuna solat abdi, ibadah abdi, hirup jeung maot abdi mung karana Alloh anu murbeng ‘alam” (QS. Al-An’am : 162)

Ayat ieu mangrupakeun harti anu sabenerna tina kaikhlashan sagala amal jeung ibadah manusa ka Alloh, dina prak-prakkan nana atawa dina kahirupan bermasyarakatna, jalma anu ikhlash mampu nyumputkeun amal kahadeannana saperti kalolobaan jalma hayang nyumputkeun kagorengan lampahna. Puncakna kaikhlashan mah, aya dina fokus jeung konsentrasi amal jeung ibadahna anu di arahkeun ka Alloh Ta’ala nyalira, hartina rek aya anu muji atawa anu mikangewa, manehna teu paduli. Satiap tekad, ucap jeung lampahna geus ngarasa mangrupakeun kawajiban anu kudu dilaksanakeun ku dirina, manehna teu perlu di puji ku manusa, sabab pujian mah mung kagungan Alloh, upama di kritik atawa dijejeleh pedah goreng pagawean ceuk batur, moal ngarasa pundung komo belik mah. Da yakin anu bisa mere ganjaran, buruhan jeung nganiley kana satiap amal jeung ibadah na ngan ukur Alloh Ta’ala wungkul. Batur mah ukur bisa ngeprokan jeung nyurakan.

Hadirin Rohimakumulloh

Dina hiji waktos, Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wasallam kasumpingan hiji lalaki bari tumaros ;” Ya Roasululloh ! abdi teh tos satekah polah nyumputkeun sagala amal kahadean abdi supaya teu katembong ku batur, tapi dina hiji waktos mah kahadean abdi teh kapanggih ku batur, abdi ge ngaraos atoh kapanggih kitu teh. Naha abdi masih kenging pahala tina amal anu kapanggih ku batur tadi ? Waleran Nabi Sholallohu ‘Alaihi Wasallam : “maneh bakal meunang pahala tina eta amal kahadean maneh”. Bari teras dadawuh :

LAKA FIHI AJRUS SIRI WA AJRUL ‘ALANIYAH

“Pikeun maneh pahala anu disumputkeun jeung pahala anu diniatkeun”
Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Ikhlas
Khutbah Jumat bahasa Sunda

Khutbah Jum'at Bagian Kedua


Dumasar kana hadits anu disebatkeun nembe, upama nyieun kahadean terus meunang peunteun ti batur, atawa pagawean hade urang di nuhunkeun ku batur, sabenerna moal ngurangan niley ikhlash tina amal jeung ibadah na, asal memang niat jeung maksud tina milampah eta amal jeung ibadah na lain keur pupujieun, lain keur neang pamuji batur jeung buruhan ti sasama jalma.

Memang keur ngukur kaikhlashan amal jeung ibadah hiji jalma, lain bagian urang, lain tugas sasama manusa malahan Malaikat oge kadang-kadang teu apal kana kaikhlashan hiji jalma. Saperti diterangkeun dina salah sahiji riwayat :

INNAL MALAIKATA LA YAR FA’UNA ‘AMALA ‘ABDI MIN ‘IBADILLAHI FAYASTAK TSIRUNAHU WA YUZAKKUNAHU HATTA YANTAHU BIHI ILA HAITSU SYA ALLOHU TA’ALA MIN SULTHONIHI FAYUHILLAHU ILAIHIM : INNAKUM HAFAZHOTUN ‘ALA ‘AMALI ‘IBADI WA ANA ROQIBUN ‘ALA MA FI NAFSIHI INNA ‘ABDI HADZA LAM YUKH LISH LI.......

“kadang-kadang Malaikat nyandak amal hiji jalmi jeung ku aranjeuna dianggap loba jeung aranjeuna maruji kana lobana eta amal, sahingga dugi ka payuneun Alloh, mangka Alloh dadawuh ka aranjeuna :”maraneh mah ukur nyatet amal hamba Kaula, sedengkeun Kaula kana eusi jeung niat hatena, jalma ieu teh teu ikhlash karana Kaula dina amal-amal na......”

Dumasar kana katerangan eta, tembong yen kaikhlashan dina satiap ibadah jeung amal hiji jalma, ukur bisa katingali sareng ka ukur mung ku Alloh Ta’ala sareng ku dirina sorangan. Jadi teu kudu maksakeun satiap amal jeung ibadah urang susulumputan ngarah batur teu apal, apanan aya sabagian ibadah anu memang boga niley syi’ar, anu kudu katembong ku batur. Contona dina sholat berjama’ah atawa sholat jum’atan, apanan eta mah pasti urang teh bakal katingali ku batur, asal niat jeung maksud ibadah na bener-bener keur milari kana karidho Alloh, tangtuna oge hal eta moal ngurangan kana kaikhlshan amal jeung ibadah urang.

Hadirin Rohimakumulloh

Salila paniatan jeung pamaksudan tina satiap amal jeung ibadah ngan ukur kanggo milari ridho Mantena, ngan keur neangan pamrih ti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala, moal jadi persoalan lamun katingali ku batur malah mun eta amal kahadean anu dilaksanakeun ku urang tuluy batur aya anu nurutan atawa nuturkeun lampah kahadean anu di laksanakeun ku urang, aya niley leuwih pikeun urang anu nyontoan kana amal kahadean. Sakumaha dawuhan Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wasallam :

MAN SANNA SUNNATAN HASANATAN FALAHU AJRUHA MAN ‘AMILA BIHA ILA YAUMIL QIYAMAH, WA MAN SANNA SUNNATAN SAYYIATAN FA ‘ALAIHI WIJRUHA WA WIJRU MAN ‘AMILA BIHA ILA YAUMIL QIYAMAH.

“Sing saha anu mere conto amal kahadean, mangka manehna bakal meunang pahala jeung pahala jalma-jalma anu nuturkeun eta amal kahadean nepi ka poe kiamah, jeung sing saha anu mere conto kamaksiatan mangka manehna bakal meunang dosa jeung dosa-dosa jalma anu nuturkeun pagawean maksiatna nepi ka poe kiamah”

Sakadar conto upama urang daek ngaji atawa sholat berjama’ah, terus ngajak atawa aya batur anu nuturkeun sholat jeung ngaji mangka eta kahadean teh bakal nikel-nikel pahala na ngocor nepi ka poe kiamah, upama conto kahadean anu nuturkeun nana nepi ngaruntuy sababaraha turunan, mangka geus teu kabayang pahala anu bakal tepi ka urang nepi ka jaga dina poe hisaban. Sabalikna upama urang mirucaan teu bener di lembur urang, ngabudayakeun kana minuman keras misalna, mangka manehna bakal meunang dosa ti lampah dirina jeung lampah jalma-jalma anu nuturkeun nana. Kukituna mun rek nyieun kamaksiatan mah ulah sok mamawa batur, komo mun urang bisa ngeureunan kana lampah maksiat mah bakal leuwih hade.

Hadirin Rohimakumulloh

Intina urang ulah rek ngalelebar satiap amal jeung ibadah anu geus, eukeur jeung anu bakal dilampahkeun, ulah nepi ka satiap amal jeung ibadah urang jadi lebu anu ka apungkeun ku angin teu aya tapakna, atawa dina katerangan lain Alloh Ta’ala dadawuh :

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا تُبْطِلُوا صَدَقَاتِكُمْ بِالْمَنِّ وَالْأَذَىٰ كَالَّذِي يُنْفِقُ مَالَهُ رِئَاءَ النَّاسِ وَلَا يُؤْمِنُ بِاللَّهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِ ۖ فَمَثَلُهُ كَمَثَلِ صَفْوَانٍ عَلَيْهِ تُرَابٌ فَأَصَابَهُ وَابِلٌ فَتَرَكَهُ صَلْدًا ۖ لَا يَقْدِرُونَ عَلَىٰ شَيْءٍ مِمَّا كَسَبُوا ۗ وَاللَّهُ لَا يَهْدِي الْقَوْمَ الْكَافِرِينَ

“.......Nya conto manehna (anu amal ibadahna teu ikhlas) saperti batu leucir anu aya lebuan, anu cor kahujanan teh eta batu bakal leucir deui bae, maranehna teu meunang ganjaran nanaon tina saniskara anu diusahakeunnana, tur Alloh moal nuduhkeun ka jalma-jalma anu kafir” (QS. Al-Baqoroh : 264)

Mangka ku sabab eta urang kudu bisa ngabentengan kana satiap amal ibadah urang, sahingga sagala anu diusahakeun ku urang salila hirup di dunya bisa namper, aya arep-arepeun keur bekel dina poe jaga.

Numutkeun ‘ulama Syaqiq bin Ibrohiim, benteng amal teh aya 3 (tilu) :

1. Kudu ngarasa yen satiap amal ibadah anu dilampahkeun teh, sakabehna mangrupakeun hidayah sareng taufiq ti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala, tanpa ayana taufiq jeung hidayah Mantena, urang moal bisa ngalaksanakeun amal ibadah.

2. Satiap amal ibadah anu dilaksanakeun ku urang, ngan ukur pikeun milari ridho Alloh, ku cara kitu urang bisa meruhkeun jeung ngadalikeun hawa nafsu

3. Satiap amal ibadah anu dilaksanakeun ku urang, salilana ngan ngarepkeun ganjaran, pahala, buruhan ti Alloh Ta’ala wungkul supaya bisa ngaleungitkeun sifat rakus, kadedemes jeung sifat riyaa.

Ku 3 (tilu) benteng ieu, mangrupakeun salah sahiji tarekah supaya salilana amal ibadah urang aya dina kaikhlashan, satiap amal ibadah salilana ngan miharep ridho Alloh Ta’ala wungkul supaya satiap amal ibadah teu kadorong ku hawa nafsu anu nyasarkeun. Mangka satiap amal ibadah anu ngan ukur menta pamrih, menta buruhan jeung ganjaran ngan ti Alloh wungkul, diri urang salilana moal paduli kana pamuji batur jeung moal rek pundung atawa belik mun dipoyok batur.

Sakuduna tina amal ibadah teh siga tukang ngangon domba atawa meri anu ngalaksanakeun ibadah di sakurilingeun angonan nana, manehna moal hayang dipuji jeung luntur dipoyokan ku binatang angonan nana. Kitu deui jalma anu ikhlas amal ibadahna teu kudu hayang katingali ku batur atawa henteu.

Sumber: http://bit.ly/2iX8R72

loading...