Khutbah Jumat Edisi 33 tentang Riya (Bahasa Sunda)

Advertisement
Khutbah Jumat Edisi 33 tentang Riya (Bahasa Sunda)

Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wasallam dadawuh :

INNA AKHOFA MA AKHOFA ‘ALAIKUMUSY SYIRKUL ASHGHOR, QOLU YA ROSULULALLOH WA MASY SYIRKUL ASHGHOR QOLA AR RIYA’

“Saestuna anu dipikahariwang ku Kaula anu tumiba ka maraneh nyaeta katibanan panyakit musyrik leutik. Para shohabat naros :” Ya Rosulalloh ! naon panyakit musyrik leutik teh. Rosululloh ngawaler :” Riyaa’”.......”

Sacara bahasa, Riya’ nyaeta nembongkeun amal kahadean ka sasama manusa. Sedengkeun harti sacara istilah, nyaeta ngalaksanakeun ibadah kalawan sadar diniatan dina hatena supaya bisa ditingali ku batur, pikeun ngudag kapentingan dunya anu dipikahayang ku manehna jeung ibadahna teu diniatan karana Alloh Subhanahu Wa Ta’ala.

Conto anu sering kadugikeun dina bab Riya’, ieu nyaeta upama hiji pamuda ngadak-ngadak rajin ibadah na, sabab hayang kapeunteun ku calon mitohana. Bawahan anu digawena getol upama katembong ku dunungan, sifatna tukang ngalameh hayang dianggap satia ka dunungan nana sabab hayang naek jabatan atawa meunang paleuleuwih dunya tina usahana. Riya’, mangrupakeun pagawean haram pikeun dilampahkeun jeung mangrupakeun salah sahiji dosa gede jeung rada hese meunang pangampura ti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala, kukituna lampah Riya’, bener-bener kudu dijauhan.

Ku sabab riya ka golongkeun lampah musyrik, mangka lebah dieu Alloh Ta’ala, ngawawadian kalawan keras 

إِنَّ اللهَ لاَيَغْفِرُ أَن يُشْرَكَ بِهِ وَيَغْفِرُ مَادُوَ ذَلِكَ لِمَن يَشَآءُ وَمَن يُشْرِكْ بِاللهِ فَقَدْ ضَلَّ ضَلاَلاً بَعِيدًا

“Saestuna Alloh moal ngahampura dosa-dosa jalma anu milampah kamusyrikan ka Mantena. Jeung Alloh baris ngahampura dosa salian eta, pikeun sing saha anu di kersakeun ku Mantena. Saha anu nyarekatkeun Alloh , saenyana manehna geus nyieun dosa anu kacida gedena” [An Nisaa : 116]

Hadirin Rohimakumulloh

Tadi ge tos dijelaskeun yen riya’ nyaeta amal perbuatan anu ditembongkeun anu diniatan supaya katanggar, kapeunteun jeung ka niley ku sasama makhluq, anu tujuan nana ngan ukur supaya meunang pujian, sanjungan, panghormatan ti sasama manusa. Salian ti ku cara hayang katembong, kaciri jeung katingali ku batur, aya oge dina amal ibadah teh hayang disebut-sebut, hayang diomongkeun jadi jalma sholeh atawa hayang meunag gelar kadunyaan tina hasil ibadah na ka Alloh. Tah anu hayang disebut-sebut kieu panyakitna dingaranan Sum’ah.

Duanana oge sarua amal ibadah anu teu ngaharepkeun karidhoan ti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala, duanana oge kacida bertentangan teu saluyu, teu cocog jeung ajaran Islam. Sabab Islam mah ngaharepkeun ka sakumna umatna dina ngalaksankeun ibadah atawa amal perbuatan teh kalawan hate anu pinuh kaikhlashan jeung ngan ukur miharep kana karidho Alloh Ta’ala. 

Riya’ jeung Sum’ah mangrupakeun panyakit hate, saupama diantep sina berkembang dina hate hiji jalma bakal bisa nimbulkeun kabinasaan ka jalma anu milampahna. Akibat anu paling bahaya nyaeta bisa ngagorogotan kana akar-akar akidah, ngaruksak kana kaluhuran akhlaq jeung mengparkeun, nyelewengkeun, mengkolkeun kana kasampurnaan amal perbuatan umat Islam, saba jalma anu katibanan panyakit Sum’ah jeung Riya’, tujuan ibadah na geus teu jelas deui, harepan-harepan hirupna geus kalimpudan ku kokotor hirup, sahingga jalma eta geus poho kana kaimanan jeung kaikhlashan hate sarta jauh tina ridho Alloh.  Rasululloh Sholallohu ‘Alaihi Wasallam parantos ngawanti-wanti dina salah sahiji haditsna :

“ Sing saha anu milampah sum’ah mangka bakal di sum’ah ku Alloh, jeung sing saha anu milampah riya’ mangka ku Alloh bakal dibales lampah riya’ na eta “ (HR. Bukhari)

Dibales sum’ah ku Alloh maksudna nyaeta diumumkan sakabeh lampah gorengna di akherat jaga, malah di dunya oge aya sabagian anu ditembrakeun kagorengan dirina ka jalma rea. Sedengkeun dibalesna lampah riya’ ku Alloh hartina, jaga dina poe kiamah bakal ditembongkeun sagala amal kahadeannana, tapi teu dibere balesan, ganjaran jeung pahala tina sagala amal kahadean anu geus dipilampahna. Na’udzubillah min dzalik.

Hadirin Rohimakumulloh

Dina surat al-Isro ayat 18 Alloh Dadawuh :

مَنْ كَانَ يُرِيدُ الْعَاجِلَةَ عَجَّلْنَا لَهُ فِيهَا مَا نَشَاءُ لِمَنْ نُرِيدُ ثُمَّ جَعَلْنَا لَهُ جَهَنَّمَ يَصْلَاهَا مَذْمُومًا مَدْحُورًا

“sing saha anu hayang buru-buru (meunang kakayaan/pahala di dunya keneh), Kami baris mere tina kakayaan dunya ka sing saha anu ku Kami dikersakeun kabinasaan nana. Tuluy Kami nyadiakeun naraka pikeun manehna abus ka dinya dina kaayaan hina tur di tundung”

Hikmah jeung pelajaran anu bisa dipetik tina ayat ieu, nyaeta sagala kahayang jeung kabutuh urang dina nyanghareupan kahirupan di dunya teh, ulah sok hayang gurung gusuh, ulah sok hayang gagancangan. Sifat rurusuhan jeung gagancangan dina ngamilik kakayaan dunya, mawa akibat dina ikhtiarna sok tara bisa dibarengan ku kasabaran, di mana jalma geus teu sabar mangka dina tarekah jeung usaha teh sok ngahalalkeun sagala cara, ti cara nu bener nepi ka cara anu maksiat, diantarana akibat tina teu sabar teh nyaeta timbulna sifat riya’ dina satiap amal kahadeannana. 

Sabab kayakinan jalma anu hayang gagancangan kana haliyah dunya, sagala amalna sok itungan, sagala lengkah hirupna sok diukur ku niley kauntungan dunya wungkul bari jeung mopohokeun kana tujuan utama dina satiap amal, poho kana ayana ridho Alloh dina satiap lengkah hirupna.

Hadirin Rohimakumulloh

Logikana jalma anu riya’ teh dina milampah amal ibadah sok hayang katingali, dipeunteun jeung diburuhan ku sasama manusa, boh buruhna mangrupa harta banda, gelar kadunyaan atawa hayang meunang pamujian ti sasama manusa. Ngan saeutik pisan dzikirna ka Alloh Ta’ala pikeun jalma anu amal ibadahna geus katumpangan sifat riya’ dina dirina, ngan sakeudeung pisan eling na ka Alloh jalma-jalma anu riya’ mah, hal ieu ditegaskeun ku Alloh Ta’ala dina surat an-Nisaa ayat 142 :

إِنَّ الْمُنَافِقِينَ يُخَادِعُونَ اللَّهَ وَهُوَ خَادِعُهُمْ وَإِذَا قَامُوا إِلَى الصَّلَاةِ قَامُوا كُسَالَىٰ يُرَاءُونَ النَّاسَ وَلَا يَذْكُرُونَ اللَّهَ إِلَّا قَلِيلًا

“Saenyana jalma-jalma munafek teh nipu ka Alloh, padahal Alloh ngabales tipu daya maranehna. Jeung upama maranehna nangtung pikeun sholat, nangtungna teh bari hoream, sholatna kalawan riya ngarah katangar ku manusa, jeung teu eling ka Alloh kajaba saeutik pisan”

Tembong tina ayat eta, jalma anu riya’ mah dina lampah ibadah teh tara di barengan ku ka khusyu an, ibadahna sok di tangkodan ku sifat hoream, dina sagala amal kahadean nana sok tara bener, ukur puraga tanpa kadengda, amal ibadah jalma anu katumpangan panyakit riya’ padu asal bae ngalaksanakeun amal ibadah, bari tara ningali kana syarat jeung rukun na dina ibadah, tara ningali katerangan Qur;an jeung Hadits na anu ngadasaran lampah ibadah maranehna. Da sakabeh amal ibadah na teu ngamaksud dijadikeun sarana pikeun eling ka Alloh, dina ibadah na lain tujuan pikeun dzikir ka Alloh Subhanahu Wa Ta’ala. Kusabab eta nu kudu diperhatikeun ku urang, yen akibat tina lampah riya’ dina amal ibadah, bakal ngagebruskeun jalma eta kana golongan jalma munafek.

Hadirin Rohimakumulloh


Ari jalma munafek, apanan jelas paniatan awal dina satiap amal ibadah teh lain keur ngudag ridho Alloh tapi boga tujuan rek ngabobodo batur, rek nipu ka Alloh jeung ka jalma-jalma anu iman, saperti dijelaskeun dina surat al-Baqoroh ayat 9 :

يُخَادِعُونَ اللَّهَ وَالَّذِينَ آمَنُوا وَمَا يَخْدَعُونَ إِلَّا أَنْفُسَهُمْ وَمَا يَشْعُرُونَ

“Maranehna ngamaksud nipu ka Alloh jeung ka jalma-jalma anu iman, tapi tipu daya maranehna ngan tepi ka dirina sorangan bari maranehna teu saladar”

Teu saladar jalma munafek teh, yen akibat amal ibadahna anu dicampuran ku riya’ tadi, teu ngahasilkeun pahala jeung ganjaran nanaon, boh di dunya komo di akherat mah, geus diancokeun keur maranehna :

إِنَّ الْمُنَافِقِينَ فِي الدَّرْكِ الْأَسْفَلِ مِنَ النَّارِ وَلَنْ تَجِدَ لَهُمْ نَصِيرًا

“Saenyana jalma-jalma anu munafek teh patempatan nana dina kerakna naraka, jeung maneh moal manggih anu bisa nulungan ka maranehna” (QS. An-Nisaa : 145)
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Riya
Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Kedua

Hadirin Rohimakumulloh

Alloh Subhanahu Wa Ta’ala dadawuh dina surat al-Kahfi ayat 110 

قُلْ إِنَّمَا أَنَا بَشَرٌ مِثْلُكُمْ يُوحَىٰ إِلَيَّ أَنَّمَا إِلَٰهُكُمْ إِلَٰهٌ وَاحِدٌ ۖ فَمَنْ كَانَ يَرْجُو لِقَاءَ رَبِّهِ فَلْيَعْمَلْ عَمَلًا صَالِحًا وَلَا يُشْرِكْ بِعِبَادَةِ رَبِّهِ أَحَدًا

“Pok caritakeun(Muhammad) : “Saestuna taya lian kaula teh ngan manusa biasa saperti arandika, ngan kaula mah dipaparin wahyu yen taya lian pangeran arandika teh ngan Pangeran Nu Maha Tunggal. Nya sing saha anu hayang papanggih jeung Pangeranna, kudu ngalampahkeun amal soleh sarta ulah pisan manehna nyarekatkeun saurang oge enggoning ibadah ka Pangeranna”.

Ayat ieu ngajelaskeun ka urang sadaya, sakirana amal ibadah nu dilaksanakeun hayang katanggar ku manusa, sakirana sakabeh amal kahadean anu dilampahkeun ku urang masih katumpangan hayang buruh ti sasama makhluq. mangka leuwih hade tong dilaksanakeun, sabab amal model kitu geus katumpangan, geus ditangkodan ku sifat riya’. Sabab satiap amal anu katumpangan riya’, moal bisa metik hasil na, moal ka ala buah na, utamana keur sampeureun jaga dina poe akhir. 

مَنْ كَانَ يُرِيدُ حَرْثَ الْآخِرَةِ نَزِدْ لَهُ فِي حَرْثِهِ ۖ وَمَنْ كَانَ يُرِيدُ حَرْثَ الدُّنْيَا نُؤْتِهِ مِنْهَا وَمَا لَهُ فِي الْآخِرَةِ مِنْ نَصِيبٍ

“Sing saha anu miharep ganjaran akherat, Kami nambahan keur manehna dina ganjarannana, jeung sing saha nu miharep ganjaran dunya, Kami baris maparin ka manehna tina ganjaran dunya, tapi pikeun manehna henteu aya bagian di akherat” (QS. Asy-Syuura : 20)

Sakuduna mah ayat ieu, bisa dijadikeun motivasi, bisa dijadikeun dorongan kana sagal bentuk amal ibadah anu dilaksanakeun jeung dilampahkeun ku urang ngudag kana hiji tujuan nyaeta ridho Alloh Subhanahu Wa Ta’ala. Boh amal ibadah anu sifatna keur neangan kifayah kahirupan dunya, amal kahadean dina hirup bermasyarakat, komo palebah ibadah anu sacara khusus ka Alloh mah, saperti sholat, zakat, shaum jeung sajabana. Eta mah kudu bener-bener ditujukeun pikeun ngudag ka ridho Alloh.

Hadirin Rohimakumulloh

Ulah aya anggapan urang buburuh macul, kuli mundak, gawe di pabrik atawa gawe naon bae nu sifat na ikhtiar keur neang kifayah dunya, dianggap lain ibadah. Pikeun kaum muslimin, sagala bentuk prilaku jeung tindakan bisa dijadikeun bentuk-bentuk ibadah ka Alloh Ta’ala. Ku kituna dina ikhtiar ngudag kahirupan dunya oge, dina lengkah munggaran na kudu di BISMILLAH an hela, hartina satiap lengkahna kudu dibarengan ku niat keur ngudag ridho Alloh jeung satekah polah ngejat nebihan tina katumpangan lampah riya’ hayang katanggar ku batur, nganggap usaha anu dilaksanakeun ku urang, ngan ukur eta anu bisa ngajadikeun rizki keur kahirupan urang.

Mangga we tafakuran dina kanyataan, teu satiap lahan usaha eta pasti anu ngahasilkeun rizkina, kadang ikhtiar nyaloan jual meuli motor, malah kauntungan nana tina babantu pindahan batur. Eta mah sakadar ilustrasi keur ngagambarkeun penting na dina ibadah teh, fokuskeun keur ngudag ridho Alloh Ta’ala.

Upama lengkah munggaran dina satiap usaha, geus diniatan keur ibadah, keur neangan ridho Alloh. Dina sakalina usaha urang nyamos, hasil na teu sakumaha di itung ti awalna, contona dina jual meuli motor tadi, kadang-kadang geus dibayangkeun, meunang kauntungan sakitu ratus rebu, tapi kanyataan ukur meunang puluh-puluh rebu. Apanan upama teu diniatan ibadah mah, urang sorangan jadi kecewa, ngarasa di hianat ku batur, ngarasa di bobodo ku rekan bisnis. Ku sabab rasa kecewa eta, akibatna poho kana rasa tumarima kana rizki, poho kana bersyukur ka Alloh tina kauntungan nu puluh-puluh rebu tea.

Jadi kacida pentingna, urang ngajauhan sifat riya dina sagala aspek kahirupan urang, conto-conto tadi upama ditafakuran maparin gambaran sakilas, bahayana upama amal ibadah dina usaha dunya, amal sosial kamasyarakatan kitu deui dina amal ibadah khusus, penting keur diniatan ti awal na mangrupakeun tarekah keur ngudag karidho Alloh Ta’ala.

Hadirin Rohimakumulloh

Aya wasiat ti hiji ulama hikmah Auf bin Abdullah, anu ngawasiatan kana 3 (tilu) perkara, nyaeta :

1. Sing saha anu ngalaksanakeun satiap lengkahna di fokuskeun keur akherat, mangka Alloh bakal nyukupan urusan dunyana.

2. Sing saha ngahade-hade hubungan nana jeung Alloh Subhanahu Wa Ta’ala, mangka Alloh bakal ngahadean hubungan manehna jeung saasama manusa.

3. Sing saha anu memener hatena, mangka Alloh bakal memener lahiriyahna.

Mangga eta mah, manawi tiasa janten bahan tafakuran urang sadaya kanggo memenr lampah hirup di dunya ieu, anu bisa ngahasilkeun bekel keur dina poe akherat jaga.

Sumber: http://bit.ly/2jrIQxh


0 Response to "Khutbah Jumat Edisi 33 tentang Riya (Bahasa Sunda)"

Post a Comment

Berkomentarlah yang Bijak! Hanya komentar yang sopan yang Kami terbitkan di situs ini. Baca Kebijakan Situs

No Sara, No Spam!